Wilujeng Milangkala Ka-19 Kabupaten Bandung Barat
Drs. Djamu Kertabudi Ngaguar Sajarah Nu Sabenerna: Saha Waé Pejuang Pemekaran KBB?

BANDUNG BARAT ROIS7

Detik-detik mapag poé jadi Kabupaten Bandung Barat (KBB) anu ka-19, kaangkat hiji patarosan anu cukup krusial ti salah sawios tokoh pemuda Cililin ngaliwatan média sosial Facebook. Anjeunna naroskeun ka Drs. Djamu Kertabudi, “Saha waé sabenerna pejuang pemekaran anu geus ngawujudkeun KBB téh?

Patarosan ieu timbul lantaran ceuk cenah, dina déngét ieu loba pihak anu silih aku jeung ngarasa pangjasana dina sajarah ngadegna ieu kabupatén.
Djamu Kertabudi anu harita nyepeng kalungguhan salaku Asistén Tatapraja di Pamaréntah Daérah (Pemda) Kabupatén Bandung, ngajadikeun anjeunna saksi konci sakaligus aktor birokrasi anu ngokolakeun langsung aspirasi masyarakat Bandung Barat.

Lalampahan Birokrasi jeung Dinamika “F14
Mancén gawé pikeun nyalurkeun aspirasi kana wilayah administrasi pamaréntahan, Drs. Djamu Kertabudi sabenerna aya dina pusaran sajarah ti mimiti ngarumuskeun rencana penataan wilayah babarengan jeung lembaga Perguruan Tinggi.

Proses ieu diteruskeun ku cara gawé bareng jeung para pejuang pemekaran anu dipingpin ku (Alm) Kang Endang Anwar, ngaliwatan pembahasan di DPRD Kabupatén Bandung, Pemda jeung DPRD Provinsi Jawa Barat, nepi ka tingkat Pamaréntah Pusat jeung DPR RI. Hasil tina perjuangan panjang ieu nyaéta ngajéléngkéngna Daérah Otonom Anyar Kabupatén Bandung Barat dumasar kana UU No. 12 Tahun 2007.

Nanging, sajarah ogé nyatet ayana dinamika anu aheng. Waktu Pemda Kabupatén Bandung badé ngayakeun panalungtikan (penelitian) resmi sareng Perguruan Tinggi, pihak KPKBB (Komite Pembentukan Kabupaten Bandung Barat) anu dipingpin ku Kang Endang Anwar kungsi nolak, sabab maranéhna geus nyiapkeun hasil panalungtikan sorangan.

Padahal dumasar aturan, panalungtikan wajib dilakukeun ku pihak Pemda anu gawé bareng jeung Perguruan Tinggi sarta kudu dirojong ku masyarakat. Pikeun nyalametkeun prosés hukum ieu, Drs. Djamu Kertabudi ngalakukeun inisiatif pribadi sacara “senyap” ku cara ngabentuk Kelompok Masyarakat anu disebut F14 (Forum Masyarakat 14 Kecamatan) F14 ieu anu ngaluarkeun rekomendasi resmi pikeun ngadukung panalungtikan eta (dokumén arsipna aya di pihak KPKBB).

Hanjakalna, dina dinamika politik, inisiatif “senyap” pikeun nyalametkeun regulasi KBB ieu mindeng disalahartikeun, malah aya pihak anu ngantebkeun isu yén Djamu Kertabudi téh “anti pemekaran” alatan ngabentuk F14.

Opat Kelompok Nu Merjuangkeun KBB
Pikeun ngajawab patarosan pemuda Cililin sacara obyéktif, Drs. Djamu Kertabudi méré pandangan yén anu merjuangkeun ngadegna KBB téh kabagi kana opat kelompok utama:

1. Tokoh Pejuang Pemekaran (Tokoh Inti):
Bupati Bandung Barat anu munggaran, Pa Abubakar, sacara resmi geus masihan panghargaan ka kurang leuwih 8 jalma di antarana Kang Endang Anwar, Bahrudin, Ade Ratmaja, Helmy, Zaenal Abidin, jeung Asep Suhardi Ado. Ngaran-ngaran ieu dumasar kana usulan ti Kang Endang Anwar salaku Ketua KPKBB.

2. Para Pejuang:
Kelompok ti unsur masyarakat atas nama pribadi, pimpinan Ormas/LSM, APDESI (Asosiasi Pemerintah Desa Seluruh Indonesia), BPD (Badan Permusyawaratan Desa), jeung sajabana.

3. Para Pendukung:
Kelompok ti unsur politisi jeung birokrasi. Gerakan maranéhna kawatesanan ku aturan formal jeung étika jabatan, tapi tetep méré kontribusi badag di tukangeun layar.

4. Masyarakat Luas (Balaréa):
Sakabéh lapisan masyarakat anu milu icikibung, kaasup anu turun ka jalan ngalakukeun unjuk rasa demi ngawal pemekaran.

Asal-Muasal Wacana Pemekaran
Nilik kana sajarahna, wacana pemekaran Kabupatén Bandung sabenerna geus aya ti mimiti ayana kawijakan Gubernur Jawa Barat ngaliwatan Kaputusan Gubernur No. 30 Tahun 1990
Nanging, kawijakan éta kakara bisa ditindaklanjuti saenggeus kaluarna Surat Gubernur Jabar taun 1998 No. 135/2655/Otda ngeunaan Penelitian Pemekaran Kabupaten Bandung.

Surat ieu anu jadi dasar pikeun Bupati Bandung harita, H.U. Hatta Djatipermana, ngamimitian ngabéwarakeun sarta sosialisasi ka masyara